bn2v154MDaRwUuRjzbo7E5tA7HFKoHvHqpphWhL8

Nabi Urang Sarerea Bagian I

Nadhom Nabi Urang Sarerea Bagian 1Nabi urang saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.

Ramana Sayyid Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunna di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.

Robiul awal bulanna,
tanggal ka-dua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.

Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna
Related Posts

Related Posts

Posting Komentar